Guguritan

Guguritan

No ratings yet
2011 · Sundanese · Paperback
Add To Shelf

Rate this book


Export Book Journal

Description

Dina sajarahna, guguritan téh lain asli “hasil budaya” urang Sunda. Tapi hasil 'nginjeum' tina “budaya Jawa” ngaliwatan para Bupati nu unggal taun kudu séba ka Mataram basa Tatar Sunda aya dina kakuasaan Mataram ti abad ka-17. Di Mataram, para Bupati kudu matuh sawatara waktu bari diajar rupa-rupa “budaya Jawa” saperti undak usuk basa, adat kabiasaan, tembang, guguritan jeung nganggitna, jrd. Mulang ka lembur, éta kabisa disebarkeun, pangpangna di lingkungan kulawarga jeung para ménak nu mindeng deuheus ka para Bupati. Ku kituna, guguritan kakara aya tapakna dina tulisan-tulisan abad ka-19 ka dieunakeun.
Dina ieu buku, guguritan nu dimaksud nyaéta dangdingan beunang para sastrawan Sunda anu umumna dimuat di média massa, mangrupa piwulang, gambaran rasa lirik nu nulisna, pedaran atawa cutatan lalakon nu geus aya, jsb. Guguritan dibédakeun jeung wawacan dina hal wawacan biasana leuwih panjang tur geus jadi buku anu aya lalakonan.

http://kiblatbukusunda.blogspot.com

Book Details

Format Paperback
Pages 204 pages
Language Sundanese
Published Jan 1, 2011
Publisher Kiblat Buku Utama
Add To Shelf

Rate this book


Export Book Journal